Contoh Karya Tulis Ilmiah Pangaruh HP kana Konsentrasi Kagiatan Diajar Siswa di SMPN 1 Cisaat

PANGARUH HP KANA KONSẺNTRASI DIAJAR SISWA DI SMP NEGERI 1 CISAAT
Makalah
Diajukeun pikeun nyumponan pancẻn pangajaran
Basa Sunda
Disusun ku :

Delvika Putri Aulia Nurashifa                        131407047
Divani Aprila Rusardi                                     131407060
Fickry Agus Hermawan                                  131407069
Raihan Muhammad Rahmat                           131407180

















IX A
DINAS PENDIDIKAN KABUPATẺN SUKABUMI
SMP NEGERI 1 CISAAT
Jln. Raya Cisaat No. 243A Kabupatẻn Sukabumi
LEMBAR PENGESAHAN

JUDUL : PANGARUH HP KANA KONSẺNTRASI KAGIATAN DIAJAR SISWA DI SMP NEGERI 1 CISAAT
PANYUSUN : DELVIKA PUTRI AULIA NURASHIFA , DIVANI APRILA RUSARDI, FICKRY AGUS HERMAWAN, RAIHAN MUHAMMAD RAHMAT

         Cisaat, 01 Maret 2016
Pupuhu Perpustakaan                                                            Guru Pangaping


Aan Hasanah, S.Pd.                                                             Sopudin, M.Pd              
NIP 196106021981032001                                            NIP 197005131997021004

Diuninga ku
Kepala Sekolah,


H. Dadah Hidayat, S.Pd M.M
NIP 195704191980031006





PANGJAJAP
            Puji sinareng syukur pangarang sanggakeun ka Hadirat Allah SWT, margi ku rahmat sareung hidayah-Na pangarang tiasa rẻngsẻkeun ieu makalah. Maksud pangarang nyusun makalah nu jejerna “Pangaruh HP Kana Konsntrasi Kagiatan diajar Siswa SMP Negeri 1 Cisaat” sangkan nyaho kumaha pangaruh HP kana kagiatan konsẻntrasi  diajar siswa.
            Teu hilap ogẻ, pangarang ngahaturkeun nuhun ka :
1.      Bapa H. Dadah Hidayat S.Pd M.M salaku kepala SMP Negeri 1 Cisaat, nu tos ngarojong boh sacara moril boh materil;
2.      Bapa Sopudin, M.Pd salaku guru Basa Sunda sakaligus pangaping dina nyusun makalah, nu tos kersa ngaping;
3.      Rerencangan  kelas IX A, rerencangan saangkatan, sareng Adi kelas anu parantos ngabantuan pangarang dina nyusun ieu makalah;
4.      Ka kulawarga, bapa sareng ibu anu parantos ngadukung boh sacara langsung, atawa sacara teu langsung, sarta teu eureun-eureun masihan sumanget sarta ngadoakeun demi kaberhasilan pangarang tina nyusun makalah. 
Pangarang sadar, makalah ieu jauh tina sampurna, ku kituna neda dihapunteun dina  sagala kasalahan-kasalahan sarta pangarang ngabuka diri kanggo kritik sarta saran anu bisa ngabantu pangarang pikeun nyampurnakeun. Pangarang mihareup mudah-mudahan ieu makalah aya mangpaatna kanggo sadaya pihak, khususna kanggo pangarang.

Cisaat, 01 Maret 2016


Panyusun



DAFTAR EUSI

LEMBAR PENGESAHAN ………………………………………………..… i
PANGJAJAP  …………………………………………………….…………... ii
DAPTAR EUSI ……………………………………………………………….. iii
BAB I BUBUKA
1.1. Kasang Tukang  ………………………………………………………….. ... 1
1.2. Rumusan Masalah …...……..………………………………………….… ... 1
1.3. Tujuan Panalungtikan………………………………………………………  1
1.4. Mangpaat Panalungtikan ……………………………………………………1
1.5. Hipotesis …………………………………………………………………… 2
1.6. Sistematika Makalah ……………………………………………………....  2
BAB II KAJIAN TEORI
2.1. Wangenan Hp ………………………………………………….…………..  4
2.2. Sajarah Hp …………... …………………..………………………………..  4
2.3. Mangpaat Ngagunakeun Hp………………….. …………………...……… 5
2.4. Pangaruh …………………………... ………..…………………………....  5
2.5. Konsentrasi ……………………………………………………………....... 5
2.6. Wangenan Konsẻntrasi ..………………………………………………......  5
BAB III METODE PANALUNGTIKAN
3.1 .Metode Panalungtikan …………………………………………………….  6
3.2 .Data Jeung Sumber Data ……………………………………………….....  6
3.3. Populasi Jeung Sampel ……………………………………………………  6
3.4. Cara Ngumpulkeun Data …………………………………………….……  6 
3.5. Instrument …………………………………………………………………. 6
3.6. Cara Ngolah Data …………………………………………………………. 7
3.7. Tahapan Panalungtikan ……………………………………………….......  7
BAB IV PEDARAN
4.1. Deskripsi Data …………………………………………………………… . 8
4.2. Analisis Data  ……………………………………………………………    10
BAB V PANUTUP
5.1. Kacindekan  ………………………………………….……………………  11
5.2. Saran ………………………………………………. ……………………    11
DAFTAR PUSTAKA
LAMPIRAN








 BAB I 
BUBUKA
1.1.Kasang Tukang
Hp mangrupa alat komunikasi canggih di jaman ayeuna. Nu boga HP tẻh teu ngan saukur masyarakat umum hungkul, tapi rumaja ogẻ loba nu boga. Contona dikalangan pelajar. Di jaman ayeuna tos teu anẻh deui. Dijaman ayeuna teu saetik siswa nu nyandak Hp kasakola, sanajan nu sabenerna manẻhna gẻ nyaho yẻn aya aturan sakola ulah  mawa hp ka sakola, diantarana di SMP Negeri 1 Cisaat. Tapi, teu saetik siswa nu ngalanggar peraturan mawa hp ka sakola, ti mimiti siswa kelas 7,8 nepi ka kelas 9 hampir kabẻh henteu sadar yẻn mun mawa hp kasakola teh ngaganggu kana konsẻntrasi kagiatan di ajar siswa.
Dumasar kana hasil panalungtikan di kelas IX A, hampir kabẻh siswa mawa Hp ka sakola jeung kagiatan diajar gẻ kaganggu sabab siswa kudu sok nalingakeun hpna, mariksa naha aya sms atawa henteuna. Ku kituna konsẻntrasi di ajar jadi kacau. Dumasar ẻta hal, urang hoyong mikanyaho leuwih jero kumaha “Pangaruh Hp Kana Konsẻntrasi Kagiatan Diajar Siswa di SMP Negeri 1 Cisaat”

1.2.Rumusan Masalah
Watesan masalah ieu dijieun sangkan pangarang enggoning nalungtik teu mengpan tina tujuan. Watesan masalahna nyaẻta :
1.      Naha aya pangaruh HP kana konsẻntrasi diajar siswa di SMPN 1 Cisaat?
2.      Naon pangaruh HP kana konsẻntrasi diajar siswa di SMPN 1 Cisaat?
3.      Kumaha sangkan siswa bisa konsẻntrasi diajarna?

1.3.Tujuan Panalungtikan
Tujuan sacara umum panalungtikan ieu tẻh pikeun nganyahokeun :
1.      Aya henteuna pangaruh Hp kana konsẻntrasi kagiatan diajar siswa di SMP Negeri 1 Cisaat
2.      Pangaruh HP kana konsẻntrasi diajar siswa di SMPN 1 Cisaat.
3.      Solusi sangkan tiasa konsẻntrasi diajarna.
1.4.Mangfaat Panalungtikan
Pikeun Panyusun
      Panyusun jadi nyaho naon waẻ pangaruh HP kana konsẻntrasi kagiatan diajar siswa di SMP Negeri 1 Cisaat.



Pikeun Siswa
      Siswa jadi bisa mikir leuwih lega sarta bisa mikir kritis kana ayana pangaruh HP kana konsẻntrasi kagiatan diajar siswa SMP Negeri 1 Cisaat.
Pikeun  Sakola
      Minangka reperẻnsi dina ningkatkeun kadisiplinan siswa.
1.5.Hipotesis
Aya pangaruh HP kana konsẻntrasi kagiatan diajar siswa.

1.6.Sistematika Makalah
Sistematika panyusunan makalah ieu nya ẻta :
LEMBAR PENGESAHAN
PANGJAJAP
DAPTAR EUSI
BAB I BUBUKA
1.1    Kasang Tukang
1.2    Rumusan Masalah
1.3    Tujuan Panalungtikan
1.4    Mangpaat Panalungtikan
1.5    Hipotesis
1.6    Sistematika Makalah
BAB II KAJIAN TEORI
2.1. Wangenan HP
2.2. Sajarah HP
2.3. Mangpaat ngagunakeun HP
2.4. Pangaruh
2.5. Konsẻntrasi
2.6. Wangenan Konsẻntrasi
BAB III METODE PANALUNGTIKAN
3.1.Metode Panalungtikan
3.2. Data Jeung Sumber Data
3.3. Populasi Jeung Sampel
3.4. Cara Ngumpulkeun Data
3.5. Instrumẻnt
3.6. Cara Ngolah Data
3.7. Tahapan Panalungtikan
BAB IV PEDARAN
4.1. Dẻskripsi Data
4.2. Analisis Data
BAB V PANUTUP
5.1. Kacindekan
5.2. Saran




















BAB II
KAJIAN TEORI
2.1. Wangenan HP
Nurutkeun (*https://id.wikipedia.org/wiki/Telepon_genggam) Telepon genggam (telgam) atawa telepon seluler (ponsel) atawa handphone (HP) nya ẻta pakakas telekomunikasi elektronik anu ngagaduhan pangabisa dasar anu sami kalawan telepon konvesional saluran angger,nanging tiasa dibawa ka mana-mana sarta henteu peryogi disambungkeun kalawan telepon ngagunakeun kabel. Di Indonesia ayeuna, ngagaduhan dua raramat telepon nirkabel yaktos sistem GSM sarta sistem CDMA. Anu mengaur telekomunikasi seluler indonesia teh nyaeta Asosiaasi Telekomunikasi Seluler Indonesia (ATSI)
2.2. Sajarah
Nurutkeun (*https://id.wikipedia.org/wiki/Telepon_genggam) Nu manggihan sistem telepon sélulér kahiji Martin Cooper, hiji pagawe Motorola dina April 3, 1973, sanajan manggihan loba touted tina telepon sélulér ngarupakeun tim ti hiji division tina Motorola (division mana Cooper hade) jeung model kahiji DynaTAC. Pamanggih diprakarsai ku Cooper mangrupakeun hiji pakakas komunikasi anu leutik jeung gampang mawa perjalanan flexibly.
Cooper jeung timnya Nyanghareupan tangtangan kumaha pikeun nunda sagala material éléktronik kana pakakas leutik-ukuran pikeun kahiji kalina. Tapi pamustunganana telepon sélulér munggaran junun dilaksanakeun kalawan beurat total timbangan dua kilogram. Pikeun ngahasilkeun eta, Motorola bakal ngarugikeun sarua US $ 1 juta. "Dina 1983, telepon sélulér portabel patut US $ 4 rebu (Rp36 juta), sarua jeung US $ 10 rebu (Rp90 juta).
Sanggeus suksés ngahasilkeun telepon sélulér, tangtangan pangbadagna saterusna adapting infrastruktur pikeun ngarojong sistim komunikasi telepon sélulér ku nyiptakeun sistem jaringan nu merlukeun ngan 3 spéktrum MHz, sarua jeung lima saluran TV nu channeled ka sakabeh dunya.
inohong séjén dipikawanoh pisan instrumental di dunya komunikasi mobile téh Amos Joel Jr, nu lahir di Philadelphia, March 12, 1918, manéhna dipikawanoh di sakuliah dunya salaku ahli dina widang switching. Manéhna narima diploma jajaka (1940) jeung master urang (1942) dina rékayasa listrik ti MIT. Teu lila sanggeus ulikan, manéhna mimitian karir leuwih 43 taun (ti Juli 1940-Maret 1983) di Bell Telephone Laboratorium, di mana anjeunna nampa leuwih ti 70 patén-patén US dina widang telekomunikasi, hususna dina widang switching. E Amos Joel Jr, nyieun konektor sistim (switching) telgam ti wewengkon hiji sél ka sél wewengkon sél sejen. Ngalihkeun ieu kudu berpungsi sawaktos pamaké telgam pindah atawa pindah ti hiji sél ka sél lianna ku kituna paguneman teu interrupted. Sabab penemuan nyaéta pamakéan Amos Joel telgam jadi nyaman.
2.3. Manpaat HP
Mangpaat ngagunakeun HP nya ẻta :
1. komunikasi anteur jalmi
2. hiburan         
3. Gaya
4. Panyimpenan data
5. aplikasi
6. Milarian informasi atawa ilmu
2.4. Pangaruh HP
Pangaruh Positip
Pangaruh positip ngagunakeun HP nya ẻta :
1.      Ngamudahkeun komunikasi
2.      Namah kauninga ngeunaan teknologi.

Pangaruh Negatip
Pangaruh negatip ngagunakeun HP nya ẻta :
1.      Pangaruh radiasi.
2.      Rawan kana kajahatan
2.5. Konsentrasi
Konsẻntrasi nya ẻta pemusatan perhatian, pikiran, jiwa sarta pisik dina hiji objek. Konsẻntrasi nurutkeun kamus ageung nalika Indonesia “ Pemusatan perhatian atawa pikiran dina hiji perkawis”
2.6. Wangenan Konsentrasi
Sumartno (2004) dina Rachman (2010) (2016 : 29 ) Konsẻntrasi diajar siswa nya ẻta mangrupa hiji laku-lampah sarta focus perhatian siswa kanggo tiasa nengetan kalawan saẻ dina saban palaksanaan pembelajaran, sarta tiasa nyurtian saban materi palajaran anu tos dibikeun.



BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
3.1. Metode Panalungtikan
Metode nu dipake dina panalungtikan ieu nya ẻta metode Eksplanasi.
Eksplanasi nya ẻta teknik ngumpulkeun data nu ngagunakeun angket atawa kuesioner.
3.2. Data jeung Sumber Data
Data dina panalungtikan ieu nya ẻta ngagunakeun angket (data primer). Data primer nya ẻta data nu dicokot langsung ti  sumber mimiti  di tempat panalungtikan
Sumber data panalungtikan ieu nya ẻta wawakil siswa kelas VII sarta kelas VIII SMP Negeri 1 Cisaat.
3.3. Populasi jeung Sampel
Populasi
Dina panalungtikan ieu nu dijadikeun populasi panalungtikan nya ẻta siswa SMP Negeri 1 Cisaat. SMP Negeri 1 Cisaat kaasup sakola nu ber-Standar Nasional, nu alamatna di Jln. Raya Cisaat No. 243 A Kecamatan Cisaat-Kabupaten Sukabumi.
Sampel
Dina panalungtikan ieu nu dijadikeun sampel panalungtikan nya ẻta wawakil ti  kelas VII sarta kelas VIII. Nu jumlahna aya 27 jalmi, nya ẻta 12 wawakil siswa kelas VII sarta 15 wawakil ti kelas VIII.
3.4. Cara Ngumpulkeun Data
Cara ngumpulkeun datana nya ẻta ngagunakeun angket.
3.5. Instrument
Dina panalungtikan ieu nu dijadikeun alat panalungtikan nya ẻta lembar angket.



3.6. Cara Ngolah Data
1.      Ngarekap data hasil angket.
2.      Ngadamel data hasil rekap angket.
3.      Ngadamel diagram data hasil rekap angket.
4.      Nganalisis data hasil rekap angket.
5.      Napsirkeun data hasil rekap angket.
6.      Nyimpulkeun data hasil rekap angket.
3.7. Tahapan Panalungtikan
Rarancangan
1.      Nyiapkeun pertanyaan pikeun angket
2.      Midamel angket
3.      Mariksa sarta maca deui angket
Prak-prakan
1.      Ngabagikeun angket
2.      Ngumpulkeun angket nu tos dilebetan ku wawakil kelas vii sarta kelas viii
Nyusun Laporan
Ngalaporkeun hasil panalungtikan anu dipigawe/dipidamel kalawan nganggo angket.





BAB IV
PEDARAN
4.1. Deskripsi
Dumasar kana pertanyaan ka hiji nya ẻta “Naha aya pangaruhna nyandak HP ka sakola kana konsẻntrasi kagiatan diajar”. Anu ngajawab aya pangaruhna nya ẻta 25 jalmi ti 27 siswa, sarta nu ngajawab teu aya pangaruhna aya 2 jalmi ti 27 siswa. Kanggo leuwih jentrena tiasa ditinggali dina diagram 4.1
Saterasna, dina pertanyaan nu kadua nya ẻta “naon pangaruh nyandak HP kasakola kana konsẻntrasi kagiatan diajar”. Anu boga pamadegan ngaganggu kana kagiatan diajar aya 8 jalmi, teu konsentrasi diajarna aya 8 jalmi, HP na sieun dirajia aya 3 jalmi, teu fokus diajarna lantaran fokus kana HP aya 8 jalmi, ngaganggu konsentrasi diajar aya 3 jalmi, sieun HP na disada aya 4 jalmi, sarta dipake hal anu teu bener aya 5 jalmi. Kanggo leuwih jentre na tiasa ditinggali dina diagram 4.2
Saterasna, dina pertanyaan nu katilu nya ẻta “kumaha solusi anjeun supados tiasa konsentrasi diajarna”. Anu boga pamadegan tong nyandak HP ka sakola aya 17 jalmi, titipkeun ka Pembina OSIS atawa walikelas aya 4 jalmi sarta HP na dipareman aya 2 jalmi. Kanggo leuwih jentre na tiasa ditinggali dina diagram 4.3.











4.1. Gambar Diagram aya pengaruhna nyandak HP Kasakola kana konsẻntrasi kagiatan diajar

4.2.  Gambar pangaruh nyandak hp kasakola kana konsẻntrasi kagiatan diajar
4.3 Gambar solusi supaya tiasa konsẻntrasi diajarna

4.2. Analisis Data
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ngenaan pangaruh hp kana konsẻntrasi kagiatan diajar, yen 93% loba pangaruhna kana konsẻntrasi kagiatan diajar di sakola, sarta aya anu boga pamadegan yen teu aya pangaruhna kana konsẻntrasi kagiatan diajar 7% ti 27 orang wawakil kelas.
Alesan ti lobana pangaruh nu ngaganggu konsẻntrasi diajar nya ẻta sieun hp disada pas diajar 10%,  dipake hal-hal nu teu bener ku siswa 13%, ngaganggu kana kagiatan diajar 20%, teu konsẻntrasi diajar 20%, hpna sieun dirajia ku guru 8%, teu fokus sabab konsẻntrasina kana hp wae 21% jeung nu terakhir ngaganggu kana konsẻntrasi diajar 8%.
            Ti perkawis ieu solusi pamadegan siswa supados siswa tiasa konsẻntrasi diajarna, yaktos hp nu dicandak siswa dipareman 11%, dititipkeun ka Pembina OSIS atawa wali kelas 17%, nu terakhir nyaeta hp na tong dicandak kasakola 72% ti 27 wawakil siswa kelas VII sarta kelas VIII.




BAB V
PANUTUP
5.1.  Kacindekan
Dumasar kana bab sateuacana sarta data hasil panalungtikan, kacindekan dina ieu makalah nya ẻta :
a.        Siswa SMP Negeri 1 Cisaat nyaho pangaruh hp kana konsẻntrasi kagiatan diajar, perkawis ieu dibuktikeun 93% ti 27 wawakil siswa kelas VII sarta kelas VIII nu boga pamadegan yen lobana pangaruh HP kana konsentrasi kagiatan diajar siswa.
b.      Siswa-siswi SMP Negeri 1 Cisaat nyaho poin-poin atawa alesan pangaruh hp kana konsẻntrasi kagiatan diajar siswa, salah sahijina 21% siswa ngarasa teu fokus diajarna sabab mawa hp sarta hpna teu dipareman.
c.       Siswa-siswi SMP Negeri 1 Cisaat nyaho yen solusi nu tiasa ngabela siswa supaya angger bisa konsentrasi pas diajarna nyaeta kalawan siswa teu mawa HP kasakola.
5.2. Saran
Pikeun Siswa
Saena siswa henteu nyandak HP kasakola, sabab ngaganggu kana konsẻntrasi kagiatan diajar, kalawan nyandak HP, HP tiasa diwiatkeun ka Pembina OSIS atawa wali kelas supados henteu ngaganggu kana konsẻntrasi kagiatan diajar, nanging mending henteu nyandak HP lamun teu aya kapentingan atawa ngan kanggo dicoo disakola.
Pikeun Guru
Saena guru mineng mariksa atawa ngarajia HP siswa supados siswa tiasa konsẻntrasi diajarna atawa guru nyiapkeun loker khusus pikeun nyimpen HP barudak pas kagiatan diajar.


DAFTAR PUSTAKA
Ensiklopẻdia bebas berbasis internẻt :
Diunduh kaping 29 Fẻbruari 2016
Ensiklopẻdia bẻbas berbasis internẻt :
Diunduh kaping 29 Fẻbruari 2016
Ensiklopẻdia bẻbas berbasis internẻt :
Diunduh kaping 04 Maret 2016

LAMPIRAN
ANGKET
Kelas : ………..
Isian angket ieu kalawan leres  sarta luyu kalawan kaayaan!
1.      Upami anjeun sok nyandak HP kasakola?
A.    Enya                                                          B. Henteu
2.      Naha aya pangaruhna nyandak HP kasakola kana konsentrasi kagiatan diajar?
A.    Aya                                                           B. Henteu
3.      Naon pangaruh nyandak HP kasakola kana konsentrasi kagiatan diajar?
1.      ………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………
2.      ……………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………….
3.      ……………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………
4.      ……………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………

4.      Kumaha solusi anjeun supados anjeun tiasa konsentrasi diajarna!
1.      ……………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………
2.      ……………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………

Hatur Nuhun.
“Jawaban anjeun ngabantos abdi pisan dina ngabereskeun pancen”
           

IX A
                                                                                                                               



           


RIWAYAT HIRUP PANYUSUN

Delvika, wasta lengkepna nya ẻta Delvika Putri Aulia Nurashifa. Anjeuna biasa di sebut Deel ku rẻrẻncanganna. Dilahirkeun di Sukabumi, kaping 29 Desember 2002 anak ka hiji ti tilu duduluran. Alamat bumi na di Kp. Salagombong Rt.01/02 Desa Sukadamai Kec Cicantayan. Awal sakola anjeunna nya ẻta di TK Attarbiyah saterusna neruskeun ka Sakola Dasar di SD Negeri Cantayan sarta ayeuna anjeunna diuk di kelas IX A SMP Negeri 1 Cisaat atawa nu biasa disebut NECIS, sarta anjeunna ngagaduhan rencana bade neruskeun sakola ka SMA Negeri 3 Sukabumi atawa SMA Ngeri 1 Cibadak. Dokter, nya ẻta cita-cita anjeunna.


Raihan, wasta lengkepna nya ẻta Raihan Muhammad Rahmat. Ajeunna biasa disapa kalawan Rai, Iyey atawa Abang ku rẻrẻncangan sakelasna. Dilahirkeun di Sukabumi kaping 27 Pebruari 2000 anak ka dua ti tilu duduluran. Alamat bumi na di Kp. Nagrak Rt.13/02. Awal sakola anjeunna nya ẻta di TK Yasni saterusna anjeunna neruskeun sakola dasar ka SD Negeri Sukamanah 02 sarta ayeuna anjeunna diuk di kelas IX A SMP Negeri 1 Cisaat atawa nu biasa disebut NECIS, sarta anjeunna ngagaduhan rencana badẻ neruskeun sakola ka SMKN 1 Sukabumi atawa SMKN 1 Cibadak. Anjeunna ngagaduhan bakat dina widang musik nya ẻta maẻn gitar, sarta anjeunna ngagaduhan hobby maẻn futsal sarta maẻn gitar. Cita-cita anjeuna hoyong jadi pangusaha swasta.




Divani, wasta lengkepna nya ẻta Divani Aprila Rusardi. Anjeunna biasa di sebut Diva ku rẻrẻncangan sakelasna. Dilahirkeun di Sukabumi, 27 April 2001 anak ka dua ti tilu duduluran. Alamat bumi na di Perum Mangkalaya Residence Blok D1 No.04. Awal sakola anjeunna nya ẻta di SD Negeri Kadudampit sarta ayeuna anjeunna diuk di kelas IX SMP Negeri 1 Cisaat saterusna badẻ neruskeun sakola ka sakola kaperawatan Yayasan Harapan Bunda atawa SMK 3 Kota Sukabumi. Cita-cita anjeunna janten perawat. Hobbi anjeunna nya ẻta nyanyi.


Fickry, wasta lengkepna nya ẻta Fickry Agus Hermawan. Ajeunna biasa disebut Ogel ku rẻrẻncangan sakelas. Dilahirkeun di Sukabumi kaping 04 Agustus 2000 anak ka dua belas ti dua belas duduluran. Alamat bumi na di Ciseureuh Rt. 04/05. Awal sakola anjeunna nya ẻta di SD Negeri Ciseureuh sarta anjeunna ayeuna diuk di kelas IX A SMP Negeri 1 Cisaat saterusna badẻ neruskeun ka SMA Negeri 4 Sukabumi atawa SMA Negeri 1 Cisaat. Cita-cita anjeunna janten polisi. Hobbi anjeunna maẻn bola.






Previous
Next Post »